10 episodes

Heureuy sunda nu dibarengan ku barudak Rancaekek.

Ngaprak Dadan riel Ramdhani

    • Comedy

Heureuy sunda nu dibarengan ku barudak Rancaekek.

    SWS - NGABUBURIT

    SWS - NGABUBURIT

    Di Amarta, Gatot Kaca tiba-tiba kasurupan, teu jelas naon sababna. Yudistira, Arjuna nyoba neangan informasi asal muasal eta Gatot Kaca bisa kasurupan. Episode ieu mangrupa episode terakhir edisi ramadhan, tepang deui saatos boboran siam. 

    Saninten buah saninten, saninten di kalapaan. Hapunten Ngaprak hapunten bilih aya kalepatan. Wilujeung boboran siam.

    • 34 min
    SWS - SUBUH GUGAT

    SWS - SUBUH GUGAT

    Di Amarta, Bima jeung Arjuna ngeluh, ngadu ka Yudistira, ku sabab barudak geus eweuh nu kuliah subuh. Singhoreng teh cap masjid nu paranti ngecap buku romadon, leungit. Kumaha kelanjutanna, mangga dangukeun Ngaprak Podcast midangkeun "Subuh Gugat"....

    WILUJENG NGADANGUKEUN !

    • 45 min
    SWS - ARJUNA JADI TABIB

    SWS - ARJUNA JADI TABIB

    Di Nagara Amarta, genjleng Arjuna tiba-tiba ngaleungit, teuing naon sababna. Gatot Kaca ditugaskan ku ais pangampih nyaeta Yudistira, jang nyelidiki aya tabib sakti di tengah leuweung bengkung di ujung nagara Amarta. Sasakti kumaha eta tabib, terus aya hubungan naon eta tabib jeung leungitna Arjuna ? 

    Ngaprak Podcast baris midangkeun "ARJUNA JADI TABIB"



    WILUJENG NGADANGUKEUN

    • 50 min
    SWS - PANDAWA GEMPUNGAN

    SWS - PANDAWA GEMPUNGAN

    Catetan :

    Rada dihapunten kaum dangu sadayana, ieu audio na rada bermasalah, kusabab aya salah sahiji wayang nu sinyalna goreng alias luplep, jadi nyebabkeun feedback alias mantul.

    Sinopsis :

    Di Nagara Amarta keur heboh ku bangsat jeung begal, ku sabab para pimpinan di Amarta, ngabebaskeun narapidana. Pandawa kabagian tugas gempungan atanapi ngaronda, bari neangan strategi jang newakan deui eta begal jeung bangsat.

    Mangga, wilujeng ngadangukeun...!

    • 33 min
    SWS - BIMA DAGANG

    SWS - BIMA DAGANG

    SWS atanapi papanjanganna tina sandiwara wayang sunda, program anyar nu di guar ku Ngaprak podcast, mangrupa sandiwara bahasa sunda nu diisi ku para wayang. Dina episode mimiti ieu nyandak judul "Bima Dagang". 



    Sinopsis :

    Bima diereunkeun gawe, kusabab keur rame virus corona, akhirna Bima milih dagang bala-bala diharepeun imah. Keur posisi kieu teh, Bima ditagih hutang ku Arjuna nu gawe jadi debt collector di KUD, tuluy budakna Gatot Kaca malah mabok-mabokan hirupna, kumaha nasib Bima saterasna ? mangga wilujeung ngadangukeun Ngaprak Podkes baris midangkeun "Bima Dagang".

    • 47 min
    MOYAN

    MOYAN

    Ngaprak ngobrolkeun perkawis "moyan" mulai tina sejarahna, fungsi sareng mangpaatna, aya oge nu jualan alat-alat kanggo moyan, dugi ka aya calo moyan..emang bisa moyan di calo an.



    Mangga, wilujeng ngadangukeun !!!

    • 30 min

Top Podcasts In Comedy

My Therapist Ghosted Me
Global
Keep It Tight
HeadStuff Podcasts
Not a Single Bother
Aislinn Dowling
Talking Bollox Podcast
GoLoud
Alan Carr's 'Life's a Beach'
Keep It Light Media / Travesty Media
I'm Grand Mam
Kevin Twomey and PJ Kirby