Ngaprak Dadan riel Ramdhani
-
- Comedy
Heureuy sunda nu dibarengan ku barudak Rancaekek.
-
SWS - NGABUBURIT
Di Amarta, Gatot Kaca tiba-tiba kasurupan, teu jelas naon sababna. Yudistira, Arjuna nyoba neangan informasi asal muasal eta Gatot Kaca bisa kasurupan. Episode ieu mangrupa episode terakhir edisi ramadhan, tepang deui saatos boboran siam.
Saninten buah saninten, saninten di kalapaan. Hapunten Ngaprak hapunten bilih aya kalepatan. Wilujeung boboran siam. -
SWS - SUBUH GUGAT
Di Amarta, Bima jeung Arjuna ngeluh, ngadu ka Yudistira, ku sabab barudak geus eweuh nu kuliah subuh. Singhoreng teh cap masjid nu paranti ngecap buku romadon, leungit. Kumaha kelanjutanna, mangga dangukeun Ngaprak Podcast midangkeun "Subuh Gugat"....
WILUJENG NGADANGUKEUN ! -
SWS - ARJUNA JADI TABIB
Di Nagara Amarta, genjleng Arjuna tiba-tiba ngaleungit, teuing naon sababna. Gatot Kaca ditugaskan ku ais pangampih nyaeta Yudistira, jang nyelidiki aya tabib sakti di tengah leuweung bengkung di ujung nagara Amarta. Sasakti kumaha eta tabib, terus aya hubungan naon eta tabib jeung leungitna Arjuna ?
Ngaprak Podcast baris midangkeun "ARJUNA JADI TABIB"
WILUJENG NGADANGUKEUN -
SWS - PANDAWA GEMPUNGAN
Catetan :
Rada dihapunten kaum dangu sadayana, ieu audio na rada bermasalah, kusabab aya salah sahiji wayang nu sinyalna goreng alias luplep, jadi nyebabkeun feedback alias mantul.
Sinopsis :
Di Nagara Amarta keur heboh ku bangsat jeung begal, ku sabab para pimpinan di Amarta, ngabebaskeun narapidana. Pandawa kabagian tugas gempungan atanapi ngaronda, bari neangan strategi jang newakan deui eta begal jeung bangsat.
Mangga, wilujeng ngadangukeun...! -
SWS - BIMA DAGANG
SWS atanapi papanjanganna tina sandiwara wayang sunda, program anyar nu di guar ku Ngaprak podcast, mangrupa sandiwara bahasa sunda nu diisi ku para wayang. Dina episode mimiti ieu nyandak judul "Bima Dagang".
Sinopsis :
Bima diereunkeun gawe, kusabab keur rame virus corona, akhirna Bima milih dagang bala-bala diharepeun imah. Keur posisi kieu teh, Bima ditagih hutang ku Arjuna nu gawe jadi debt collector di KUD, tuluy budakna Gatot Kaca malah mabok-mabokan hirupna, kumaha nasib Bima saterasna ? mangga wilujeung ngadangukeun Ngaprak Podkes baris midangkeun "Bima Dagang". -
MOYAN
Ngaprak ngobrolkeun perkawis "moyan" mulai tina sejarahna, fungsi sareng mangpaatna, aya oge nu jualan alat-alat kanggo moyan, dugi ka aya calo moyan..emang bisa moyan di calo an.
Mangga, wilujeng ngadangukeun !!!