Rawayan

Rawayan

Pakutan-kutan pageuning-geuning

Episodes

  1. Idéntitas Visual dina Budaya Sunda

    10/24/2021

    Idéntitas Visual dina Budaya Sunda

    #rawayanbinekas Dina budaya Sunda, ceuk Zéni Nugroho atawa Mang Ungil, kitu disebutna ku awak-awak Rawayan, pasualan visual mah mangrupa péér badag nu kudu disanghareupan kalayan daria.  Pangna kitu, ceuk ieu ilustrator jeung desainer ku sabab urang Sunda kiwari mah hésé pisan mun rék ningalikeun jati dirina ngaliwatan karya visual téh.  “Bénten sareng sélér bangsa Bali, Kalimantan, Batak, sareng Padang, upamana, anu jelas tur katara pisan idéntitas visualna,” pokna tandes. Éta kabeungharan sélér bangsa tatangga téh nyampak dina ragam hias anu masih dipaké nepi ka kiwari.  “Misalna, visual pikeun ngageulisan pakéan, kaén, atanapi motif ukiran anu aya dina desain arsitéktur wewengkon adatna,” ceuk Mang Ungil ngajéntrékeun. --- Kitu di antarana cutatan pedaran Mang Ungil, ilustrator, desainer batik, & awak Rawayan waktu medar jejer “Idéntitas Visual dina Budaya Sunda” dina Ngawarung Bandung #7 téh. Tangtos di antawis kandangwarga sadaya aya anu teu acan ngabandungan. Ku kituna, baraya sadayana dihaturan waé nyakséni rékamanana dina podcast Rawayan. Ieu kagiatan bisa lumangsung hasil rukun gawé Rawayan jeung Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (Pdpbs Unpad). 1. Anchor https://anchor.fm/rawayan 2. Breaker https://www.breaker.audio/rawayan 3. Google Podcasts https://www.google.com/podcasts?feed=aHR0cHM6Ly9hbmNob3IuZm0vcy82NjE2NzdkNC9wb2RjYXN0L3Jzcw== 4. RadioPublik https://radiopublic.com/rawayan-WaoNmM 5. Spotify https://open.spotify.com/show/3vvc7K5GjdBVkmP97Ga3Yb 6. Pocket Casts https://pca.st/nui8csr6

    30 min
  2. 10/18/2021

    Pulitik Dongéng ti Bihari ka Kiwari - Dédé Syafrudin

    #rawayanbinekas Sawatara waktu ka tukang, Dede Syafrudin atawa Mang Madu, kitu nénéhna, medar jejer “Pulitisasi Dongéng ti Bihari ka Kiwari” dina Ngawarung Bandung #6 poé Jumaah, 17 Séptémber 2021. Pamanggihna, pulitisasi dongéng téh remen dipaké alat pikeun ngukuhkeun kakawasaan. Ti jaman baheula nepi ka ayeuna. Raja-raja jaman baheula sok disebutkeun turunan déwa anu sakti manggulang-mangguling. Masih ceuk ieu pangarang, Présidén Sukarno ogé aya anggapan di masarakat maké éta stratégi, tapi henteu maké carita déwa jaman baheula. Masarakat baheula loba nu yakin yén Sukarno téh turunan jin jeung manusa, nu ngalantarankeun dirina boga kakuatan pikeun ngamerdékakeun Indonésia tina penjajahan bangsa asing. Kiwari, sabada giroh kaislaman sumebar di sabagian gedé rayat Indonésia, ceuk Mang Madu, nu dipulitisasi téh lain deui cara ngeunaan déwa-déwi jeung raja. Tapi, carita ngeunaan para wali jeung carita nabi. Dina mangsa pilkada kamari, upamana, sababaraha urang calon gubernur ngahaja jarah ka makam sunan, sarta ngaraku turunan Sunan Gunung Jati. --- Dulur-dulur, éta di antarana nu dipedar ku Mang Madu dina Ngawarung Bandung #6 téh. Ngan, bilih aya anu kakantun sawalana, mangga bandungan waé dina akun podcast Rawayan. Ieu kagiatan bisa lumangsung hasil rukun gawé Rawayan jeung Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (Pdpbs Unpad). 1. Anchor https://anchor.fm/rawayan 2. Breaker https://www.breaker.audio/rawayan 3. Google Podcasts https://www.google.com/podcasts?feed=aHR0cHM6Ly9hbmNob3IuZm0vcy82NjE2NzdkNC9wb2RjYXN0L3Jzcw== 4. RadioPublik https://radiopublic.com/rawayan-WaoNmM 5. Spotify https://open.spotify.com/show/3vvc7K5GjdBVkmP97Ga3Yb 6. Pocket Casts https://pca.st/nui8csr6

    5 min
  3. Dina Kawih Aya Tembang - Dian Héndrayana

    09/02/2021

    Dina Kawih Aya Tembang - Dian Héndrayana

    #rawayanbinekas Urang sadayana sok sering nguping di masarakat, aya anu kagungan anggapan yén kawih téh sabalikna tina tembang atanapi sawangsulna yén tembang mah sabalikna tina kawih. Tah, ieu anggapan didasaran kawih téh sekar irama tandak, dina hartos konstan; ditandaan ku aya ketukan. Samentawis, tembang mah iramana merdéka, henteu aya ketukan. Tah, ieu anu neba di masarakat téh. Sacara saderhana kitu anggapanana. Kalebet ogé dina dunya atikan. Urang sok sering pisan nguping yén kawih téh, nu tadi téa, sabalikna tina tembang, yén kawih mah sabalikna tina kawih. Dibulak-balik.  Lajeng, anu neba deui téh aya anggapan di masarakat yén anu disebat kawih téh lagu-lagu Mang Koko, sedengkeun anu disebat tembang mah cianjuran. Naha bet tiasa disebat pasualan? Katingalna mah mémang aya anu kedah dijujut, aya anu kedah dipaluruh. Naha leres anu disebat tembang téh cianjuran? Sareng naha leres nu disebat kawih téh mang kokoan? --- Éta téh bubuka pedaran Kang Dian Héndrayana dina Ngawarung Bandung #4, alpukah Rawayan rukun gawé jeung Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (PDPBS Unpad).  Acarana mah mémang geus kalarung nyaéta Jumaah tanggal 20 Agustus 2021. Najan geus kaliwat, naon anu diguar ku ieu Pamass Unpad 90 nu kiwari ngadosénan di FPBS UPI Bandung téh masih kénéh penting dibandungan deui ku sugri urang Sunda.  Naha? Mangga wé regepkeun nyalira dina podcast Rawayan.

    43 min

About

Pakutan-kutan pageuning-geuning